PANGANTEUR

Sèrèn sumèrèn pangantèn hiji budaya atawa kabiasaan urang Sunda mèmèh prungna akad nikah. Dimitian ku seserahan, malah calon pangantèn pameget aya ogè anu dipapag ku upacara adat Sunda. Biasana masrahkeun calon pangantèn pameget kitu deui anu narimana sok dipasrahkan/diwakilkeun ka jalma anu dianggap sesepuh atawa dianggap ahli dina widangna.

Dina masrahkan calon pangantèn kitu deui anu narima sok aya waè anu kalalanjoan lali kana waktu, biantarana kamana-kamendi sagala dipedar, leuheung lamun basana pikatajieun, antukna anu nyaksèni lain kataji malah jadi kutuk geneng, ngabosenkeun. Dina mangsa modèrn jaman ayeuna keur ngatur acara nu boga hajat biasana masrahkeun ka WO (Wedding Organizer). Nu marsahkeun boh anu narima ku WO mah waktu biantarana diwatesan antara 5 – 10 menit. 

Conto biantara sèrèn sumèrèn pangantèn nu singget tur padet:

MASRAHKEUN CALON PANGANTÈN PAMEGET

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

(Dingawitan ku mukadimah, tiasa ngaos salah sawios ayat Al-Qur’an, Al-Hadits, du’a atanapi Sholawat)
 
Langkung ti payun sumangga urang sami-sami muji ka nu Maha Suci, muja ka nu Maha Kawasa, sukur ka nu Maha Gofur, anu teu welèh haat maparinan ni’mat ka sukur mahlukna anu toat. Anu teu welèh hèman turta nyaah ka sukur mahluk dadamelanana, henteu cacah henteu pangkat, rèk sato komo manusa, paripaos uteuk tongo walang taga, rata taya nu dibèda-bèda.

Sholawat urang sanggakeun ka Nabi Muhammad panutan umat, anu parantos maparinan jalan salamet, di dunya katut akhèrat. Salam urang limpahkeun ka Pangersa jungjunan, Rosul pinilih nu patut diconto urang, nu tos masihan caang dadamaran, keur sakurna mahluk pangeusi alam, Muhammad Rosulullah akhirul zaman.

Wiwitan kedaling lisan, sim kuring kalih rombongan, sanès lantung tambuh laku sanès lentang tanpa seja, tapi aya nu disungsi. Malih danget ieu nangtung dikariungan ngadeg dikaramèan, seja suku sambung lèngkah biwir sambung lèmèk, minangka wawakil sagemblengna ti kersana ........ kedah ngadugikeun sugri pamaksadan mantena pangna lunta ti lembur singkur ingkah ti mandala suni ka ieu tempat anu sakieu pikabetaheunana.

Calon Ki Besan sarimbit nu dipihormat!

Hampunten anu kasuhun, hampura sapaneda, rèhna sim kuring kotok bongkok kumorolong kacingcalang kumarantang. margi sanès ahli biantara, sanès orator nu kasohor, mung maksakeun, sanaos mung nyieun catur taya bukur, nyarita ngan padu èngab. Hampunten ka para sepuh anu luhung ku èlmu, jembar ku panalar, rohaka ku pangabisa, boh bilih naon nu dikedalkeun teu nuju kana hurup keuna wirahma.
 
Calon Ki Bèsan sarimbit, kieu saleresna mah: Sim kuring saabringan seja nyusud tepus mapay subaya, nungtik lari mapay tapak nyumponan jangji anu kantos dikedalkeun dina obrolan sabaraha waktos anu kalangkung. Singgetna, seja nganteur nu teu ludeung, jajap anu borangan, nyatana pun anak wasta ........ Anu parantos katiir jamparing asih, karuncang panah gondèwa cinta ku tuang putra Nèng.........
 
Subhanalloh…….. paingan atuh paingan Si Ujang kapèngpèongan, da geuning Si Nyai tèh kawas teureuh kahiyangan, kageulisan henteu nguyang, sesah milari babandingan. Katambih-tambih istri binangkit, terusing ratu rembesing menak.

Calon Ki Bèsan…..! Ari panujuna mah banget panuju Si Ujang dahup ka Si Nyai tèh, tapi asa teu sawaja teu sabeusi, kawas ngajul bèntang ku asiwung. Mung kantun tinimbangan ti Calon Ki Bèsan nu wijaksana.

Calon Ki Besan….! Moal rèk disumpu-sumput, wakca balaka saayana. Ari kahayang mah ranggaèk mèmèh tandukan, ari kayaan seuseut batan neureuy keueus. Mun dileuweung kayu dangdeur mun di kampung kayu randu, dipakè pamikul bengkung dipakè pancar teu ruhay. Baheula mah hirup ibarat gamparan, awak kantincak beuheung kacekèk, kutuprak……. kutuprak……paling untung nincak tai hayam. Lebah dieu percanten ka Calon Ki Bèsan anu moal nguyang ku pangaboga, moal walurat mun gaduh hajat. Rambay alaeun raweuy beuweungeun, rèa ketan rèa keton, cohagna sagala nyampak.

Malih tadi mah kantos reuwas, manawi tèh hajatna Calon Ki Bèsan mung alakadarna, manahorèng geuning kariyaan anu sakieu rohakana, melengkung umbul-umbulna, ngirab-ngirab bandèrana. Ari anu dongkap èstu ungah-engoh bari lengoh, leumpang teundang ngagandeuang. Boro-boro rebo ku gèmbolan, rangèkèng ku kèkèlèkan. Cundukna Si Utun datangna Si Ujang, ukur ngagandeuang nyorèn gobang, ugal-egol mawa kohkol. Tapi insya Allah ieu pakarang tèh pakarang matih, moal inggis mun nyorang leuweung ganggong simagonggong moal risi mun ngabukbak leuweung sumenem jati. Sing percanten!

Ampun paralun Calon Ki Bèsan! Henteu ari lèngoh pisan mah, ieu mah tamba pamali teuing, ngabantun olèh-olèh anu puraga tanpa kadengda, ti dituna mah hayang nyugemakeun ka Si Nyai, anu padahal ukur mindingan beungeut ku saweuy. Coèt lècèt mutu batu, paris ipis ubar tiris, sinjang carang tamba ditaranjang.
 
Calon Ki Besan! Salajengna nyanggakeun ieu pun anak, waruga badagna batin leutikna, indit peuting miang beurang, geubis di pasir tisolèdat di lebak, nyanggakeun ka Calon Ki Bèsan nu wikajksana. Kitu deui ieu babantunan, upami kaanggo mah mangga nyanggakeun, ari anu kabantun mah hampunten moal dipasihkeun, badè dibantun deui. Ka pun anak Si Ujang, lamun tèa mah hidep kajodokeun ka Si Nyai anu ku hidep kaimpi-impi, sepuh mah ukur bisa sambung du’a, jung geura lumaku, sing unggul tempur na luhur kasur, bral geura miang, sing meunang perang di luhur ranjang. Mudah-mudahan dahupna aranjeun sing caang baranang ku kabagjaan, sing nembrak makbrak pendak sareng kawaluyaan. Pait kulit Pahang tulang, ngeunah ngarinah jadi kulawarga anu sakinah mawadah warahmah.

Dina pamungkas sanggem, upami aya nu teu sapagodos sareng kahoyong Calon Ki Bèsan, mugi teu janten balung kulit kotok meuting, anu kasuhun kalingga murba, kalayan sing janten wasilah dina enggoning nepung-nepung duduluran, manjang-manjang babarayaan. Sakitu nu kapihatur, dina tutus langkung kèpang halang, bobo sapanon carang sapakan, taya sanès agung cukup lumur anu ka suhun jembar hibar pangampura anu diteda.

Billahi fisabillilhaq.
Wasalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.



Disusun ku : Kang Darman
Baca ogè : MC Nikah Sunda
MUI Kecamatan Parakansalak
Majelis Ulama Indonesia merupakan wadah musyawarah para Ulama Zu'ama dan Cendikiawan Muslim.
Sekretariat: Komplek Gedung KUD Buana Bhakti Parakansalak