Mapag Calon Pangantén Pameget


Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, nu dipihormat ku simkuring
.
Sakumaha kasakséni, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.

Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kalurahan katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.

Calon pangantén Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcéwang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

Pangalungan Manglé


Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun éta manglé tawis pangrungrum haté perséka kabersihan manah (manglé di kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping kacalon pangantén pameget miwah rombongan. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gék caralik. (rombongan caralik)

Serén-sumérén


Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ اَحَلَّ النِّكَاحِ ، وَنَدَبَ اِلَيْهِ وَحَرَّمَ السِّفَاحِ وَاَوْعَدَ عَلَيْهِ ، اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِ ٰلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، لاَنَبِيَّ بَعْدَهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلىٰ سَيِّدِنَا وَمَوْلاَنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلىٰ ٰالِهِ وَاَصْحَابِهِ، اَمَّا بَعْدُ فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىٰ فىِ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ وَهُوَ اَصْدَقُ الْقَاۤئِلِيْنَ، يَاۤ اَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوْا رَبَّكُمُ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ ، وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالاً كَثِيْرًا وَنِسَاۤءً، وَاتَّقُوا اللهَ الَّذِيْ تَسَاۤءَلُوْنَ بِهِ وَاْلاَرْحَامْ، اِنَّ اللهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيْبًا

Sugrianing puji hayu urang sanggakeun ka dzat anu maha agung Allah Azza wajalla, sholawat kalih kasalametan hayu urang sanggakeun ka junjunan ‘Alam kanjeng Nabi anu linuhung tur agung, Habibana wanabiyyana Muhammad SAW. Katut ka Kulawargina, para sahabatna malah mandar dugi ka urang sadayana anu ngaku janten ummat mantena Amin Ya Rabbal 'Alamin.

Para sepuh anu linuhung, para pupuhu papayung ieu nagri, para tamu anu gararinding, hadirin kadang mitra samudayana nu teu tiasa diwincik hiji-hijina, pribados atas nami kulawarga Bapa (.......) sareng ibu (.....) ngaraos bingah amar watasuta pareng disumpingan ku palawargi samudayana.

Dina acara nemrakkeun kabingah nyaéta seja Walimatul ‘Urusy anu janten putrana anu jenenganna (.....) anu maksad bade di dahupkeun ka teh (.....) dina danget ieu, ananging pamugi palawargi ageung tawakufna saupamina tinangtos panampian tatamu tebih tina nyugemaken, sakieu ayana, kirang tata titi duduga peryoga, neda sihaksami, neda sihampunten.

Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, kembang tanjung nu gumulung, sumangga acara dipitembeyan. Lalangsé panyana haté, mapag balébat dibeulah wétan, rék ngembat taya simpangan, namung méméh kebat nya lumampah pribados anu kapapancénan janten panungtun ieu acara seja ngawincik rentetan acara anu bade dipedar, nyaeta:

1. Seja bubuka ku Basmallah, sabab saur katerangan nguningakeun:

كل امر ذي بال لا يبدء بالبسمله فهو اقطع او اجدم

Anu pihartoseunana kirang langkung "Satiap perkara anu teu dikawitan ku maos Basmallah maka éta perkara teh pegat tina rohmat Alloh, atanapi moal sampurna," kumargi sakitu hayu urang sami-sami aoskeun Basmalllah sasarengan... Bismillahirrahmaanirrahiim.

Hadirin kadang mulya sadayana! Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang katambias, Mun hirup tanpa kadali palang siang bakal sasab, poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna umat islam hirup teh boga pedoman, buktosna kitab suci al Qur’an.

Bisi leumpang pareng sasab mun balayar pareng katambias, rampang reumpeung poekeun jalan sorangan, sangkan manah jadi caang, guligah ku katengtreman kalayan maksad ibadah, sumangga urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci al-qur’an anu bade digalindeungkeun ku saderek (.......), sumangga anu kapapancenan dihaturanan(qori ngaos Al-Qur'an)

Galindengna kalam ilahi mapalér haté nu capé,ngupahan manah nu susah, rembes nembus kana sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana haté, nyaliara minuhan awak, sok komo upami ngartos maknana, cacak dirarampa oge geuning nikmaaat karaosna. Dedeul du’a, mugia ageng manfaatna husus kanu ngaosna, oge walatra ka urang sadayana, Amin.

2. Sérén sumérén bakal pangantén, dikawitan ku nyérénkeun bakal pangantén pameget.

Selenting bawaning angin, kolépat bawaning kilat, manggih béja, aya jajaka rék nyaba, rék nyusul jangji pasini, rék ngaguar subaya nu katunda, brul ngagimbung, bral ngarantay, leugeudeut aleutanana, kalayang kalakay ragrag.

Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh, namung wincikan pangeusi galih, guaran kandungan manah, éta mah tacan katorah, geusan ngabejer béaskennana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan tandang makalangan.Ka pangersa (.....) waktos dihaturanan.

3. Panampian calon Pangantén pameget ku atas nami kasepuhan pangantén istri.

Dulur- dulur anu sami hadir ! sakitu pisaur sepuh, wawakil ti para tamu, diguar paragat nemrak, sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, hayam kasintu, seja ngambil tuangputra purah nutu, purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu imah gedé, kitu na teh bari nyekel tutungkusan.

Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna. Sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawiraos ka bingah pribumi mah langkung tikitu. Giliran nu kasumpingan, enggal geura bageakeun waé, ka saderek (.....) anu kapapancenan dihaturanan kapayun.

Lajeng seren sumeren Simbolik..

Guar pasejaan paragat nemrak, panampian kakuping jentré, namung, naon nu kasanggakeun, sareng nu katampi nembé babasaan, tawis tampan tinampan ti dua pihak, sérén sumeren simbolik, sumangga cacandakan nu badé kadugikeun di ka payunkeun, oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu bade seren sumeren, mangga majeng kapayun..

4. Acara pokok/Inti Akad Nikah

Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada. Haté ratug tutunggulan, mareng cinta jeung cita rek diamprokeun, pangantén pameget wasta.........., nu kasep. ka panganten istri wastana...... nu geulis. Mun kamari kungsi aya carita, antara dua waruga aa jeung teteh nu wayahna katunda heula saméméh masing-masing boga tihang geusan pamuntangan.

Basa jalan sisimpangan geus ngabulungbung, aa mah mengkol ka kenca, si teteh mah mereun kakatuhu. Udagan tunda na dada. Aa sareng teteh kiwari jalan teh tepung ngahiji deui, prak bageur geura leumpang babarengan, mapay jalan nu ngembat taya simpangan.

Para hadirin sadaya !! Aya manggah manjing asak, ditotog lebah gagangna, puguh we aya jalan komo meuntas, mobok Mnggih gorowong, ku urang sami kasakseni, yen sepuh dua pihak sami ikrar, manah rumojong kana kahoyong para putra/i na, manjing kana sisindiran :

Batu turun keusik naék itu purun abdi gé daék. Ieu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna, itu hayang ieu hayang, hayangna kabina-bina. 

Keur mungkas carita lagas, lalkon waktu rumaja, jog anjlog kadunya anyar, duh ieung laksana kabale nyungcung, gapuraning rumah tangga, bakal sasalimpetan sareng susulumputan. Kantun rukun nu utami, nyatana AKAD NIKAH nu dia anti, ka patugas KUA nyakitu ka bapa Amilna, dihaturanan ngagarap hancenganana.

Panganteur Du’a

Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng matak nineung, keur obor dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur ludeung waktu keueung, batur bungah mangsa susah, paragi nyaliksik diri, ngarampa jeung maca awak, hatur sewu nuhun ka pangersa....., Muga ageung manfaatna, amin ya robbal alamin.

Giliran nu panungtungan acara, urang lekasan, geura panteng mapat do’a. Munajat kanu kawasa, minangka jajap pangantén, rék nuju bahtera rumah tangga, geusan pinanggih jeung kabagjaan, kanggo nyesepuhan du’a, di suhunkeun ridho galihna ka pangersa (........)

Panutup:

Tutug Rampung tuntas paragat, magga urang sami-sami rampak ngaos HAMDALLAH.. Alhamdulillahirobbil'alamin

Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

MUI Kecamatan Parakansalak
Majelis Ulama Indonesia merupakan wadah musyawarah para Ulama Zu'ama dan Cendikiawan Muslim.
Sekretariat: Komplek Gedung KUD Buana Bhakti Parakansalak