Kutbah Ka I

اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ وَفَّقَ مَنْ شَاءَ مِنْ خَلْقِهِ بِفَضْلِهِ وَكَرَمِهِ، وَخَذَلَ مَنْ شَاءَ مِنْ خَلْقِهِ بِمَشِيْئَتِهِ وَعَدْلِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَلَا شَبِيْهَ وَلَا مِثْلَ وَلَا نِدَّ لَهُ، وَلَا حَدَّ وَلَا جُثَّةَ وَلَا أَعْضَاءَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَحَبِيْبَنَا وَعَظِيْمَنَا وَقَائِدَنَا وَقُرَّةَ أَعْيُنِنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، وَصَفِيُّهُ وَحَبِيْبُهُ. اَللهم صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدِ بْنِ عَبْدِ اللهِ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَّالَاهُ، وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ، وَلَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ. أَمَّا بَعْدُ، فَإِنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ الْقَائِلِ فِيْ مُحْكَمِ كِتَابِهِ: إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِنْدَ اللَّهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ (التوبة: ٣٦).

Hadirin Sidang Jum'at Rahimakumullah
Khatib wasiat ka diri pribadi ogé kum ka sadayana jama'ah, hayu urang ningkatkeun kaimanan tur kataqwaan urang ka Allah SWT, kalawan ngalaksanakeun rupa-rupa paréntahna tur ngajauhan rupa-rupa larangannana.

Hadirin Rohimakumullah
Dina dinten Jum'at ieu urang parantos aya dina bulan Rajab 1442 H, anu mangrupakeun salahsahiji tina Asyhurul Hurum, nyaeta Dzulqa'dah, DzulHijjah, Muharram tur Rajab.

Allah Subhanahu wa Ta'ala ngandika:

إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِنْدَ اللَّهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ (التوبة: ٣٦).

"Saéstuna bilangan bulan mungguh Allah nyaeta dua belas bulan, dina katangtuan Allah, dina waktu Allah nyiptakeun langit tur bumi, diantaran opat bulan haram" (QS. At-Taubah:36)

Allah nyebutkeun bulan haram, kusabab diharamkeunana peperangan dina opat bulan éta.

Ibnu Nua'im tur Ibnussuni ngariwaytkeun, saéstuna Kangjeng Rosul dimana lebet bulan Rajab sok nyeueurkeun du'a:

اللَّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِي رَجَبٍ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ

"Ya Allah, paparin kaberekahan ka abdi sadaya dina sasih Rajab sareng Sya'ban tur dugikeun abdi sadaya ka Bulan Romadlon"

Hadirin sidang Jum'ah Rohimakumullah
Diantara kautamaan sasih Rajab nyaéta wengian ka hiji sasih Rajab mangrupakeun wengian diijabahna du'a, sakumaha ditegeskeun ku Imam Syafi'i dina Kitab Al-Umm:

بَلَغَنَا أَنَّهُ كَانَ يُقَالُ: إِنَّ الدُّعَاءَ يُسْتَجَابُ فِي خَمْسِ لَيَالٍ: فِي لَيْلَةِ الْجُمُعَةِ، وَلَيْلَةِ الْأَضْحَى، وَلَيْلَةِ الْفِطْرِ، وَأَوَّلِ لَيْلَةٍ مِنْ رَجَبٍ، وَلَيْلَةِ النِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ

"Tos nepi béja ka kami, saenyana du'a diijabah dina lima wengi. wengi Jum'at, wengian Idul Firi, wengian Idul Adha, wengian ka-hiji Rajab tur wengian Nisfu Sya'ban"

Hadirin Rohimakumullah
Dina sasih Rajab disunnahkeun nyeueurkeun amal kasaean, diantarana nyeueurkeun puasa, sakumaha disunnahkeun puasa dina sasih Hurum nyaeta Dzulqa'dah, Dzulhijjah tur Muharram.

Memang teu aya hadist shahih anu khusus perkawis kasunnahan puasa Rajab, tatapina teu aya oge dalil larangan khusus kana puasa Rajab. Dalil sunnahna puasa Rajab cukup dicandak tina kaumuman dalil puasa dina bulan Hurum anu 4.

Dina Shoheh Muslim, hadits no. 1960 :

عن عُثْمَانَ بْنِ حَكِيمٍ الْأَنْصَارِيِّ قَالَ سَأَلْتُ سَعِيدَ بْنَ جُبَيْرٍ عَنْ صَوْمِ رَجَبٍ وَنَحْنُ يَوْمَئِذٍ فِي رَجَبٍ فَقَالَ سَمِعْتُ ابْنَ عَبَّاسٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا يَقُولُ كَانَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَصُومُ حَتَّى نَقُولَ لَا يُفْطِرُ وَيُفْطِرُ حَتَّى نَقُولَ لَا يَصُومُ

Ti Usman bin Hakim Al-Anshari, anjeuna ngadandika: Kuring naros ka sahabat Sa'id bin Jubair perkawis puasa Rajab, tur harita kami aya dina bulan Rajab. Maka nyarios Sa'id bin Jubair: Kami ngadangu Ibnu Abbas radiyallahu 'anhuma ngandika: Kapungkur Rosulullah shallallahu 'alaihi wasallama pernah saum, nepika kami nyarita Rosul moal buka. Rosul ogé kantos buka, sahingga kami nyarita Rosul moal puasa. 

Imam An-Nawawy dina Syarh Shahih Muslim, ngomentaran pamaksudan ieu hadits: "Dzohirna, nu dimaksud Sahabat Sa'id bin Jubair nyaeta teuaya dalil khusus anu marentah atawa ngalarang dina puasa Rajab. Tapi hukum puasa tetep disunnahkeun sakumaha Rosul nyunnahkeun puasa dina 4 bulan hurum ieu."

Kukituna, mangga seueurkeun lakonan perkara sunnah dina bulan ieu, ti kawit sodaqoh, dzikir, sholat sunnah tuir puasa sunnah, supaya urang kengeng kautamaan saih Rajab ieu.

Hadirin Rahimakumullah
Dina bulan Rajab ieu oge terjadi sababahara kajadian penting dina sejarah Umat Islam, anu tangtosna lain sakadar ngeunaan, tapi ngabuktikeun yen bulan Rajab mangrupakeun bulan anu mulya. Diantara kajadian dina bulan Rajab nyaeta :

  1. Dina sasih Rajab ibuna Kangjeng Rosul ngawitan kakandungan, ngandung makhluk anu mulya anu dilahirkeun dina sasih Rabi'ul Awwal nyaeta kangjeng Rosulullah shallallahu 'alaihi wasallama
  2. Kaping 27 Rajab terjadi peristiwa amat sangat luar biasa, nyaeta perjalanan Isro tur Mi'rajna Kangjeng Rosulullah shallallahu 'alaihi wasallama.
  3. Kaping 10 Rajab taun 9 H, terjadi perang tabuk
  4. Dina taun 9 H oge An-Najasyi, raja Habsyah wafat dina kaayaan islam.
  5. Imam Syafii ngantunkeun dina yuswa 54 taun dina sasih Rajab taun 204 H. Imam Syafii dimakamkeun di Mesir.
  6. Rajab 101 H, Khalifah Umar bin 'Abdil "Aziz ngantunkeun dina yuswa 39 taun.
  7. 27 Rajab 583 H, Sultan Shalahuddin Al-Ayyubi ngabebaskeun Baitul Muqaddas, Palestina.

Hadirin Rahimakumullah
Mudah-mudahan khutab ieu aya manfaatna, tur urang sadayana dipaparin kakiatan dina ngalaksanakeun kataatan ka Allah subhanahu wa ta'ala.

أَقُوْلُ قَوْلِيْ هٰذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ.

Khutbah II

إِنَّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، ، وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللهم صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدِنِ الصَّادِقِ الْوَعْدِ الْأَمِيْنِ، وَعَلٰى إِخْوَانِهِ النَّبِيِّيْنَ وَالْمُرْسَلِيْنَ، وَارْضَ اللهم عَنْ أُمَّهَاتِ الْمُؤْمِنِيْنَ، وَآلِ الْبَيْتِ الطَّاهِرِيْنَ، وَعَنِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، أَبِيْ بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِيٍّ، وَعَنِ الْأَئِمَّةِ الْمُهْتَدِيْنَ، أَبِيْ حَنِيْفَةَ وَمَالِكٍ وَالشَّافِعِيِّ وَأَحْمَدَ وَعَنِ الْأَوْلِيَاءِ وَالصَّالِحِيْنَ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ فَاتَّقُوْهُ، وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ عَظِيْمٍ، أَمَرَكُمْ بِالصَّلَاةِ وَالسَّلَامِ عَلٰى نَبِيِّهِ الْكَرِيْمِ فَقَالَ إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ ۚ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، اَللّٰهُمَّ اجْعَلْنَا هُدَاةً مُهْتَدِيْنَ غَيْرَ ضٰالِّيْنَ وَلاَ مُضِلِّيْنَ، اَللّٰهُمَّ اسْتُرْ عَوْرَاتِنَا وآمِنْ رَّوْعَاتِنَا وَاكْفِنَا مَا أَهَمَّنَا وَقِنَا شَرَّ ما نَتَخوَّفُ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبٰى ويَنْهٰى عَنِ الفَحْشٰاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلٰى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَاتَّقُوْهُ يَجْعَلْ لَكُمْ مِنْ أَمْرِكُمْ مَخْرَجًا، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
MUI Kecamatan Parakansalak
Majelis Ulama Indonesia merupakan wadah musyawarah para Ulama Zu'ama dan Cendikiawan Muslim.
Sekretariat: Komplek Gedung KUD Buana Bhakti Parakansalak